Tampilkan postingan dengan label Tanya Menanya. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Tanya Menanya. Tampilkan semua postingan

11 Juni 2011

Ngintip Nu Mancing

"Ditingali-tingali, jalma nu mancing beulah ditu, asa unggal poé mancing. Malahan mah mancingna téh biasa-biasa waé, kadang meunang loba laukna kadang saéutik".

"Ngan nu jadi pamikiran keur kuring, éta mencrong panona téh, teu siga nu keur ningali kukumbul wungkul. tapi siga bari nu keur guntreng sajeroeun dirina. Najan kitu éta jalma téh katingalina tenang."

"Panasaran... Kuring jadi inget omongan ti bapa kuring basa kuring keur ngora, cenah kuring baris tepung jeung jalma nu apaleun kana Sholat nu Asli."

"Tapi salila ieu kuring masantrén, tunya tanya kaditu kadieu tacan aya nu bisaeun ngajelaskeun ka kuring nu kumaha ari sholat nu Asli téh, intina kuring teu ngarasa pas kujawaban-jawaban nu salila ieu datang ka kuring ngenaan Sholat nu Asli"

"Sigana, euweuh rugina mun ku kuring ka éta jalma nanya soal Sholat nu Asli." Kitu gegerentesana Mang Endun, bari ngaladangan nu mareuli kopi di warungna nu deukeut balong pamancingan.

Teu kungsi lila, Mang Endun kaluar ti warungna, "Nyai, ieu warung tungguan, akang rék ka beulah ditu heula, aya perlu sakeudeung", Mang Endun talatah ka pamajikana.

Gidig waé éta Kolot téh ngagedig, nyampeurkeun jalma nu salila ieu diintip ku manéhna.

"Assalamu'alaikum, tos kénging seueur jang?", Mang Endun unjuk salam ka éta jalma.

"Alaikasalam, aéh.. bapa.. kieu weh gening", ceuk éta jalma bari mésem. Teu kungsi lila Mang Endun, diuk gigireun éta jalma.

"Numawi jang, disidik-sidik ku bapa, ujang téh teu siga nu lain, ari nu lain mah mancing téh ku lantaran resep mancing, ari ujang mah bari mancing téh siga aya nu keur dipikir tapi lain mikir kumaha sangkan mancing beubeunangan laukna loba, Tapi keur mikir nu lain deui", ceuk Mang Endun to the point.

"Kumaha kitu pa?", ceuk éta jalma ka Mang Endun.

"Kieu Jang, Bapa inget omongan ti pun bapa, basa keur ngora, cenah bapa baris tepung jeung jalma nu apaleun kana Sholat nu Asli. Tah ceuk gerentes nu datang ka bapa, ujang téh apal kana Sholat Nu Asli, manawi ujang kersa ngawartosan ka Bapa", ceuk Mang Endun bari neuteup ka éta jalma. Nu ditanya ukur ngahuleng, teu ngomong-ngomong acan saheulanan mah.

"Gampang atuh éta mah pa", témbal éta jalma.

"Tah.. tah gening teu nyalahan bapa nanyakeun ka ujang téh", ceuk Mang Endun bangun nu bungah.

"kieu pa... Mun bapa hoyong terang Sholat Nu Asli, pang némbongkeun heula ka abdi Sholat Nu Palsu, apanan duit ogé aya nu disebut Asli téh lantaran teu saeutik nu palsu, atawa mun barang mah aya nu KW1 atawa KW2, tah mun bapa tiasa némbongkeun ka abdi Sholat nu Palsu, engké ku abdi diwartosan Sholat nu Asli", ceuk éta jalma serius. Ditanya samodél kitu, Mang Endun ngahuleng, teu apal pibasaeun naon nu rék diomongkeun ka éta jalma.

"Bilih, naha cenah ujug-ujug hayang apal Sholat Nu Asli, boa-boa nu salila ieu dilakonan ku pribadi téh Sholat nu Palsu", ceuk éta jalma bari mencrong ka Mang Endun, nu dipencrong ukur kerung-kerung bari mésem.

"Enya nya... boa-boa..", ceuk Mang Endun semu ngaharéwos.

"Tah..gening... teu salah... pas gening bapa nanya ka hidep téh", ceuk Mang Endun deui katémbong bungah.

"tah pa, Salami ieu pengétahuan nu dipelajari ku sababiah abdi, nerangkeun sholat mah teu keuna ku Asli atawa Palsu, Sholat mah sholat. nyaéta parentahana Allah ta'alla pikeun ka saha baé jalma anu manurut.", ceuk éta jalma nuluykeun nyarita.

"Paling ogé kieu, éta nu migawé Sholat, aya nu ngaAslikeun kana Sholat hartina migawé sakumaha Parentahana Alloh ta'alla, aya ogé anu malsukeun kana Sholat, hartina Sholat dipaké atawa dijalankeun kulantaran hayang itu ieu atawa lantaran mahluk, saperti sieun ku pimitohaeun, éra ku kabogoh jeung réa-réa deui. Sarua dipigawéna mah, ngan beda itikadna.", sambung éta jalma.

"Kahartos.. kahartos", ceuk Mang Endun bari unggut-unggutan.
"Tah ieu gening, panggih ayeuna mah nu harita dibejaan ku kolot téh", ceuk Mang Endun bari nepak-nepakeun dampal leungeuna nu katuhu kana pingpingna nu beulah katuhu.

"Kahartos-kahartos jang... duh ngahaturkeun nuhun pisan kana penjelasanana", ceuk Mang Endun deui ka éta jalma.

"Ih... sami-sami, urang bareng-bareng diajar weh pa, sakedik-sakedik.", témbal éta jalma bari tuluy ngalungkeun eupan ka balong.

"Akang, ieu warung tungguan heula, abdi rek nyusulan heula budak, titadi can balik-balik padahal ngan ukur dititah meuli gula", Ceuk Pamajikan Mang Endun bari gugupay ka Mang Endun.

"enya sok", ceuk Mang Endun ngidinan ka pamajikana. Rét deui mang endun ka éta jalma.

"Jang, iraha-iraha mah, bapa hoyong diajar deui siga ujang, sok waé lah unggal dinten ka dieu, gratis keur ujang mah teu kudu mayar bade mancing unggal dinten ogé", ceuk Mang Endun ka éta jalma. Nu ditawaran ukur mésem.

"Hatur nuhun pa kana panawisanana", ceuk éta jalma.

"Dikantun heula nya jang, itu warung teu aya nu ngantosan", ceuk Mang Endun bari amitan ka éta jalma, tuluy ngagidig asup ka warung.

Ku ramena nu meuli, Mang Endun teu malire deui kanu tadi diajakan ngobrol, palebah nu meuli ngurangan, manéhna kakara inget deui kanu tadi diajak ngobrol, dirérétan éta balong teu katémbong deui jalma nu tadi téh.

"Sigana geus balik jalma nu tadi téh, sugan isukan datang deui, mudah-mudahan nambah pengetahuan pikeun kuring.", Kitu gerentesna Mang Endun sajeroeun haténa.

04 Januari 2010

Gelar Abdul Jabbar

Dari tulisan yang saya baca pada sebuah thread membuat tertarik untuk menuangkan apa-apa yang didapat. Salah satunya seperti yang dikutip di bawah ini.

Abdul jabbar adalah hamba allah yg gagah perkasa...
kita-kita disini juga termasuk abdul jabbar....

Kalo boleh bertanya, kata "kita-kita" pada kalimat di atas maksudnya bagaimana, apakah saya dan anda dan semua orang, atau bagaimana?(pertanyaan ini perlu sekali dipertanyakan untuk mempermudah memahami kalimat selanjutnya)

Diasumsikan saja bahwa kata "kita-kita" pada kalimat di atas maksudnya adalah saya dan anda dan semua orang.

Jika kita merujuk kalimah "Lahaola Walaquwata ilabillahi aliyul adzim"(mohon maaf jika salah nulis transliterasinya), Tidak ada daya dan kekuatan milik saya yang menyertai saya, hanya lah daya dan kekuatan milik Allah lah yang menyertai saya.

Dari ayat tersebut di atas, bisa di ambil petikan, bahwa
- tidak ada daya dan kekuatan selain milik Allah
- saya(atau siapapun atau kita-kita) sangatlah tidak berdaya dan berkekuatan tanpa daya dan kekuatan milik Allah

Pembuktian bahwa kita tidak berdaya dan berkekuatan, jangankan untuk menumbuhkan badan untuk bisa tinggi dan besar, satu helai rambutpun, kita tidak pernah tahu, bagaimana proses membuatnya ataupun menghitamkannya ataupun memutihkannya, yang kita tahu hanyalah pada waktunya kita menghampiri tukang cukur untuk memotong rambut atau mendatangi salon untuk menyemir rambut. atau, pernahkah kita menyadari bahwa sesungguhnya kita ini dilayani 100% oleh kekuasaan Allah?

Ambil contoh saja saya(karena saya yang mengalaminya, kalo orang lain bukan saya yang mengalaminya), Ketika makan saja, saya dibantu oleh sendok, dan sendok diangkat oleh tangan lalu memasukan makanan yang berada disedok ke dalam mulut, lalu dikunyah di dalam mulut oleh gigi dan ditelan melalui tenggorokan, sampai proses itu saja banyak sekali yang melayani saya, seperti sendok, tangan, mulut, gigi, tenggorokan, kunyahan(gerakan di mulut), gerakan pada tangan. lebih jauh dari itu jika flashback, saya tidak perlu berabe membuat sendok, saya hanya tinggal pake sendok yang sudah tersedia di rumah, makanan pun saya tidak usah masak dulu, atau kalaupun harus masak dulu saya dilayani oleh badan ini, alat masak dan bahan masakan untuk memasak. (wuih... gak kehitung pokoknya yang ngelayanin saya hanya untuk proses makan), jika ditelusuri pada proses setelah menelan makanan, saya tidak perlu berabe misahin mana yang bakal dijadikan daging atau darah merah atau darah putih atau kulit atau rambut atau jaringan syaraf atau kuku atau hati atau antibodi atau kotoran dll. pokoknya mah saya terima beres semua, bukan kah itu ciri bukti kalo saya dilayani 100% oleh pangawasana Allah? (Alhamdulillah)

Jika "abdul jabbar ialah hamba allah yg gagah perkasa....", Nah Kita-kita ini siapa sih sebenarnya?? dimana letak gagah perkasa-nya kalo masih 100% dilayani oleh pangawasana Allah ta'alla?

Dari Riwayat yang diriwayatkan oleh salah satu sepuh, Mama Sepuh teu pernah ngaku mun mama teh Abdul Jabbar, malahan mah mun aya nu tos ti mama, di wawadian ku mama sepuh teh kieu "ulah nyebat tos ti Mama atawa tos ti Guru komo deui nyebat tos ti Mama Abdul Jabbar, sebat wae tos ti rerencangan atanapi tos ti wargi"
(Mama Sepuh gak pernah mengaku kalo mama itu Abdul Jabbar, malahan mah kalau ada yang sudah dari Mama, diperingati oleh mama sepuh itu begini "Jangan bilang udah dari Mama atau udah dari Guru apalagi bilang udah dari Mama Abdul Jabbar, bilang saja sudah dari teman atau sudah dari saudara")

Dari cerita di atas, sangat jelas Mama di sebut Mama atau Guru saja gak mau, apalagi disebut dengan gelarnya, pada cerita di atas, Mama menjelaskan sebuah pelajaran yang sangat berharga, menjelaskan bahwa Abdul Jabbar bukanlah Mama, Beliau hanyalah Manusia biasa. Mama ialah Mama, Abdul Jabbar ialah Abdul Jabbar, Namun oleh kehendakNya lah Mama digelari Abdul Jabbar. (ceuk urang sunda mah Teu Hayang-hayang komo embung, teu embung-embung komo hayang, estu sakersaNa kagungan Allah bae Mama kagelaran Abdul Jabbar).

Jika secara kata Abdul Jabbar>> Abdi-Na/Hamba-Nya yang Gagah Perkasa, maka bisa disebut "Abdul Jabbar" ialah "Abdi-Na/Hamba-Nya yang Gagah Perkasa", "Abdul Jabbar" bukanlah "Mama", namun "Mama" kagelaran/digelari Oleh Kehendak-Nya dengan gelar "Abdul Jabbar", jadi yang "gagah perkasa" bukanlah "Mama" tapi yang "Gagah Perkasa" ialah "Abdi-Na/Hamba-Nya" yang tadi disebutkan yaitu atas Nama "Abdul Jabbar".

Mungkin itu yang saya dapat, mohon maaf jika tidak berkenan.

14 Oktober 2009

Keadilan dan Kebijaksanaan Hukum

Pernah aya obrolan nu kaalaman ku sim kuring sareng kapi raka sebat bae Aa(nama disamarkan), saur Aa kieu: "Wajar mun urang dianggap sasat, da meureun beda tujuanana, saperti kieu, urang mah tujuan teh rek ka cibiru, jalan ka cibiru ti kiaracondong teh ka beulah wetan, nu sejen mah rek ka Padalarang, mun ti kiaracondong ka padalarang mah jalana ka beulah kulon, atuh wajar mun ku nu rek ka padalarang, urang teh disebut sasat, lantaran arahna ngajauhan padalarang. teu kudu sieun disebut sasat, da jelas urang mah tujuan na oge rek ka cibiru, lain rek ka padalarang, ngan urang teu perlu pipilueun nyebut batur nu rek ka padalarang sasat. Da maranehanana puguh oge nu di tujuna nyaeta padalarang, nya pasti maranehanana indit kakulonkeun ti kiaracondong mah"
(Pernah ada obrolan yang teralami oleh saya dengan kakak sepupu, sebut saja Aa(nama disamarkan), kata Aa begini: "Wajar kalo kita dianggap sesat, karena mungkin berbeda tujuannya, seperti begini, kita mah tujuannya mau ke Cibiru, Jalan ke Cibiru dari Kiaracondong teh ke sebelah Timur, Yang Lain mau ke Padalarang, Kalo dari Kiaracondong ke padalarang mah Jalannya ke sebelah barat, Wajar saja kalo oleh yang mau ke padalarang, kita teh disebut sesat, karena arahnya menjauhi padalarang. Tidak usah takut disebut sesat, karena jelas kita mah tujuannya juga mau ke cibiru, bukan mau ke padalarang, hanya saja kita tidak perlu ikut-ikutan menyebut orang lain yang mau ke padalarang sesat, karena mereka jelas juga yang ditujunya yaitu padalarang, ya pasti mereka pergi ke barat dari kiaracondong mah.")

Masih Aa keneh: "Tah Mun hubunganana jeung Hukum, Urang salaku manusa nu kahukuman ku Hukum Bener jeung Hukum Salah, teu aya hak pikeun nyebutkeun si anu mah sasat, atawa si ieu mah teu sasat, sabab Ngahukuman Sasat jeung Teu Sasat Mah wewenang Hukum, dimana Manusa ngahukuman atuh nyasamaan Hukum, jadi dimana Hukum/AlQur'an di bacakeun eta teh keur sararea, leuwih tiheula nu Macana"
(Masih Aa juga: "Nah Kalo hubungannya dengan Hukum, kita selaku manusia(mahluk) nu terhukumi oleh Hukum benar dan hukum Salah, tidak berhak untuk menyebut si Anu mah Sesat atau si ini mah tidak sesat, sebab menghukumi Sesat dan Tidak Sesat mah wewenang Hukum, dimana Mahluk Manusia menghukumi(seseorang) sama saja menyamai hukum, jadi dimana hukum/A;Qur'an Dibacakan itu untuk banyak/semua orang, lebih dulu yang membacanya(membaca hukum tsb)")

Kuring: "Kumaha Perkara Hukum di pengadilan, Pan Hakim nu memVonis, pan nu jadi hakim teh manusa, naha eta manusa nu jadi hakim sarua jeung nyasamaan hukum teu?"
(Saya: "Bagaimana Perkara Hukum di pengadilan, kan Hakim yang memVonis, kan yang jadi hakim teh manusia, apakah itu manusia yang jadi hakim sama dengan menyamai hukum, gak?"")

Aa: "Pan Hakim mah Jabatan, ngan eta jelema/manusa katerapan eta Gelar/Jabatan, jadi diwenangkeun ngaluarkeun putusan sesuai undang-undang nu berlaku pada umumna, Tapi mun Nu Jadi Hakim, ngagunakeun jabatan Hakimna teu katut undang-undang nu berlaku(mabeulitkeun antara kabutuhan pribadi jeung perkara hukum), eta nujadi hakim oge kahukuman, malahan mah hukumana leuwih beurat batan sejena"
(Aa: "kan Hakim mah Jabatan, hanya orang itu disertai Gelar/Jabatan itu, jadi diwenangkan mengeluarkan putusan sesuai undang-undang yg berlaku pada umumnya, Tapi kalo yang Jadi Hakim, menggunakan jabatan Hakimnya tidak dengan undang-undang yg berlaku(mencampur adukan antara kebutuhan pribadi dengan perkara hukum), itu yg menjadi hakim juga terhukumi, malahan mah hukumanya lebih berat daripada yang lainnya")

Masih Aa keneh: "Jadi kaadilan Hukum mah, teu ponteng kanu koneng teu nineung kanu hideung, dimana nu nyokot hayam teu bebeja, rek ajengan, rek santri, rek hansip, rek jendral, rek cacah rek menak, rek lalaki rek awewe, rek budak, rek kolot ku hukum mah digelaranana oge MALING."
(Masih Aa juga: "Jadi keadilan Hukum mah, Tidak pandang bulu, dimana yang mengambil ayam gak permisi, mau ajengan, mau santri, mau hansip, mau jendral, mau rakyat jelata mau darah biru, mau lelaki mau perempuan, mau anak-anak, mau orang tua oleh hukum mah digelari MALING.")

Masih Aa keneh: "Terus Kabijaksanaan Hukum mah Rek Lalaki, rek awewe, rek budak, rek kolot, rek hansip, rek jendral, rek nu beunghar rek nu teu beunghar, rek nu digawena di DEPKES, rek nu digawena di DEPKEU, rek nu gawena DEPKOLEKTOR, rek nu nganggur, rek nu motorna hiji rek nu motorna sapuluh atawa nu ngan ukur naek ojeg meunang ngalakukeun kahadean(patuh terhadap hukum). kitu bijaksanana hukum teh, teu ngabeubeurat. dimana saja kapan saja setiap saat, moal aya nu nyarek rek migawe kahadean mah"
(Masih Aa juga: "Terus Kebijaksanaan Hukum mah mau Lelaki, mau perempuan, mau anak-anak, mau orang tua, mau hansip, mau jendral, mau yang kaya mau yang gak kaya, mau yang kerjanya di DEPKES, mau yang kerjanya di DEPKEU, mau yang kerjanya DEPKOLEKTOR, mau yang nganggur, mau yang motornya satu mau yang motornya sepuluh atawa yang hanya naik ojek boleh melakukan kabaikan(patuh terhadap hukum). itulah bijaksananya hukum teh, tidak memberatkan. dimana saja kapan saja setiap saat, gak ada yang melarang mau berbuat baik mah")

kitu obrolan, simkuring sareng salah saurang wargi, Mugia carita di luhur aya pulunganeunnana,Hapunten ka sadayana.
(begitulah obrolan, saya dengan salah satu saudara, semoga cerita di atas ada manfaatnya, mohon maaf ke semuanya)

13 Oktober 2009

Hukum: Berlaku untuk Siapa?

Jadi emut carita ti kapi raka sebat wae Aa(nama disamarkan ), suatu hari aya salah sawios palaputra sebat wae Kang akung(nama disamarkan oge), ngobrol sareng anjeunna, obrolana kirang langkung sapertos kieu:

Kang akung: "A, di daerah nyahnyehnyoh(nama tempat disamarkan) diajarkeun pemahaman teu ngalakonan puasa dina waktu ramadhan teu nanaon, malahan mah cenah teu perlu"

Aa: "nya enya atuh"

Kang Akung: "Maksudna A?" (nanya bari bingung)

Aa: "nya enya apanan mun ti magrib nepi ka subuh, urang sok dahar jeung nginum"

Kang Akung: "eh sanes kitu, maksad teh, ti subuh nepi ka magrib, atawa beurang bulan puasa"

Aa: "nyata pisan nya, obrolan ti mama mos(embos prawira(alm)), yen Hukum/Qur'an teh berlaku keur nu manurut"

Kang Akung: "Maksudna A?"(bari kerung-kerung tarangna teh)

Aa: "Enya, Hukum ku nu manurut mah bakal diturut dan berlaku, pikeun nu teu manurut mah bororaah di turut atawa digugu malahan mah teu berlaku sama sakali ceuk maranehanana mah, da nu berlakuna keur nu teu manurut mah sakahayang maranehanana, sanajan akuanana mah palaputra mama"

Sim kuring anu ngadangu carita siga diluhur, merasakan diri, apakah saya ini termasuk orang-orang yang memberlakukan AlQur'an sebagai pedoman hidup atau termasuk orang-orang yang tidak memberlakukan AlQur'an untuk jadi pedoman hidup?? (masih mikir-mikir, sieun ku bisi, rempan ku sugan, jangan2..... wuih... jangan2... Semoga...)

Mun teu kaharti kumaha?

Tertarik pada sebuah pertanyaan dari seorang teman yang katanya:
Betul belajar Al Quran..tidak sesat mun kaharti..mun teu kaharti kumaha..???

Dan saya "tergelitik" untuk menuliskan sesuatu walaupun dengan keterbatasan penguasaan materi :D
Dumasar kana pelajaran nu didapatkeun mah kieu, Nya Mun teu kaharti mah taroskeun deui, Antosan nepi kadongkap eta HARTI/NGARTI. sabab HARTI teh lain DIRI PRIBADI. Mun DIRI PRIBADI eta HARTI, atuh teu kudu tunya tanya deui da geus kaharti. eta cirining diri butuh ku NGARTI atawa HARTI, oge butuh ku nu sejenna deui.
(endone-maneh: Ikutan ah... mohon maaf sebelumnya, berdasakan pada pelajaran yang saya dapatkan, Ya Kalo gak ngerti mah tanyain lagi, Tunggu sampai datangnya NGERTI/PENGERTIAN. Sebab Ngerti bukan Lah DIRI PRIBADI, kalau DIRI PRIBADI adalah NGERTI. ya nggak usah Nanya Lagi karena sudah Mengerti. Itu Ciri DIRI butuh NGERTI/PENGERTIAN, juga Butuh yang lainnya Juga)

Pangalaman yang teralami ku sim kuring, dimana suatu pernyataan teu kaharti/tidak mengerti, suka ditanyakan ulang kepada nara sumber atau seseorang yang diperkirakan mengetahui jawabannya, dimana jawaban masih tidak dimengerti, cukup sudah sampai disitu, namun setiap perbincangan mengenai pertanyaan dan jawaban yang tersebut tadi, akan selalu diingat-ingat / dicatat, dan Alhamdulillah selalu datang itu HARTI/PENGERTIAN, meskipun waktunya tidak tentu, bisa jadi 2 menit atawa 2 jam atawa 2 hari atawa 2 minggu atawa 2 tahun atawa atawa lainnya. yang penting bersyukur, jawaban yang dulu pernah diterima dapat dimengerti pada waktunya.. Amien...