11 Juni 2011

Ngintip Nu Mancing

"Ditingali-tingali, jalma nu mancing beulah ditu, asa unggal poé mancing. Malahan mah mancingna téh biasa-biasa waé, kadang meunang loba laukna kadang saéutik".

"Ngan nu jadi pamikiran keur kuring, éta mencrong panona téh, teu siga nu keur ningali kukumbul wungkul. tapi siga bari nu keur guntreng sajeroeun dirina. Najan kitu éta jalma téh katingalina tenang."

"Panasaran... Kuring jadi inget omongan ti bapa kuring basa kuring keur ngora, cenah kuring baris tepung jeung jalma nu apaleun kana Sholat nu Asli."

"Tapi salila ieu kuring masantrén, tunya tanya kaditu kadieu tacan aya nu bisaeun ngajelaskeun ka kuring nu kumaha ari sholat nu Asli téh, intina kuring teu ngarasa pas kujawaban-jawaban nu salila ieu datang ka kuring ngenaan Sholat nu Asli"

"Sigana, euweuh rugina mun ku kuring ka éta jalma nanya soal Sholat nu Asli." Kitu gegerentesana Mang Endun, bari ngaladangan nu mareuli kopi di warungna nu deukeut balong pamancingan.

Teu kungsi lila, Mang Endun kaluar ti warungna, "Nyai, ieu warung tungguan, akang rék ka beulah ditu heula, aya perlu sakeudeung", Mang Endun talatah ka pamajikana.

Gidig waé éta Kolot téh ngagedig, nyampeurkeun jalma nu salila ieu diintip ku manéhna.

"Assalamu'alaikum, tos kénging seueur jang?", Mang Endun unjuk salam ka éta jalma.

"Alaikasalam, aéh.. bapa.. kieu weh gening", ceuk éta jalma bari mésem. Teu kungsi lila Mang Endun, diuk gigireun éta jalma.

"Numawi jang, disidik-sidik ku bapa, ujang téh teu siga nu lain, ari nu lain mah mancing téh ku lantaran resep mancing, ari ujang mah bari mancing téh siga aya nu keur dipikir tapi lain mikir kumaha sangkan mancing beubeunangan laukna loba, Tapi keur mikir nu lain deui", ceuk Mang Endun to the point.

"Kumaha kitu pa?", ceuk éta jalma ka Mang Endun.

"Kieu Jang, Bapa inget omongan ti pun bapa, basa keur ngora, cenah bapa baris tepung jeung jalma nu apaleun kana Sholat nu Asli. Tah ceuk gerentes nu datang ka bapa, ujang téh apal kana Sholat Nu Asli, manawi ujang kersa ngawartosan ka Bapa", ceuk Mang Endun bari neuteup ka éta jalma. Nu ditanya ukur ngahuleng, teu ngomong-ngomong acan saheulanan mah.

"Gampang atuh éta mah pa", témbal éta jalma.

"Tah.. tah gening teu nyalahan bapa nanyakeun ka ujang téh", ceuk Mang Endun bangun nu bungah.

"kieu pa... Mun bapa hoyong terang Sholat Nu Asli, pang némbongkeun heula ka abdi Sholat Nu Palsu, apanan duit ogé aya nu disebut Asli téh lantaran teu saeutik nu palsu, atawa mun barang mah aya nu KW1 atawa KW2, tah mun bapa tiasa némbongkeun ka abdi Sholat nu Palsu, engké ku abdi diwartosan Sholat nu Asli", ceuk éta jalma serius. Ditanya samodél kitu, Mang Endun ngahuleng, teu apal pibasaeun naon nu rék diomongkeun ka éta jalma.

"Bilih, naha cenah ujug-ujug hayang apal Sholat Nu Asli, boa-boa nu salila ieu dilakonan ku pribadi téh Sholat nu Palsu", ceuk éta jalma bari mencrong ka Mang Endun, nu dipencrong ukur kerung-kerung bari mésem.

"Enya nya... boa-boa..", ceuk Mang Endun semu ngaharéwos.

"Tah..gening... teu salah... pas gening bapa nanya ka hidep téh", ceuk Mang Endun deui katémbong bungah.

"tah pa, Salami ieu pengétahuan nu dipelajari ku sababiah abdi, nerangkeun sholat mah teu keuna ku Asli atawa Palsu, Sholat mah sholat. nyaéta parentahana Allah ta'alla pikeun ka saha baé jalma anu manurut.", ceuk éta jalma nuluykeun nyarita.

"Paling ogé kieu, éta nu migawé Sholat, aya nu ngaAslikeun kana Sholat hartina migawé sakumaha Parentahana Alloh ta'alla, aya ogé anu malsukeun kana Sholat, hartina Sholat dipaké atawa dijalankeun kulantaran hayang itu ieu atawa lantaran mahluk, saperti sieun ku pimitohaeun, éra ku kabogoh jeung réa-réa deui. Sarua dipigawéna mah, ngan beda itikadna.", sambung éta jalma.

"Kahartos.. kahartos", ceuk Mang Endun bari unggut-unggutan.
"Tah ieu gening, panggih ayeuna mah nu harita dibejaan ku kolot téh", ceuk Mang Endun bari nepak-nepakeun dampal leungeuna nu katuhu kana pingpingna nu beulah katuhu.

"Kahartos-kahartos jang... duh ngahaturkeun nuhun pisan kana penjelasanana", ceuk Mang Endun deui ka éta jalma.

"Ih... sami-sami, urang bareng-bareng diajar weh pa, sakedik-sakedik.", témbal éta jalma bari tuluy ngalungkeun eupan ka balong.

"Akang, ieu warung tungguan heula, abdi rek nyusulan heula budak, titadi can balik-balik padahal ngan ukur dititah meuli gula", Ceuk Pamajikan Mang Endun bari gugupay ka Mang Endun.

"enya sok", ceuk Mang Endun ngidinan ka pamajikana. Rét deui mang endun ka éta jalma.

"Jang, iraha-iraha mah, bapa hoyong diajar deui siga ujang, sok waé lah unggal dinten ka dieu, gratis keur ujang mah teu kudu mayar bade mancing unggal dinten ogé", ceuk Mang Endun ka éta jalma. Nu ditawaran ukur mésem.

"Hatur nuhun pa kana panawisanana", ceuk éta jalma.

"Dikantun heula nya jang, itu warung teu aya nu ngantosan", ceuk Mang Endun bari amitan ka éta jalma, tuluy ngagidig asup ka warung.

Ku ramena nu meuli, Mang Endun teu malire deui kanu tadi diajakan ngobrol, palebah nu meuli ngurangan, manéhna kakara inget deui kanu tadi diajak ngobrol, dirérétan éta balong teu katémbong deui jalma nu tadi téh.

"Sigana geus balik jalma nu tadi téh, sugan isukan datang deui, mudah-mudahan nambah pengetahuan pikeun kuring.", Kitu gerentesna Mang Endun sajeroeun haténa.